1st Anniversary ....

5 Februari 2008 – 5 Februari 2009

Saleresna mah tanggal 5 Februari teh hasil survey basa ti minggu kadua bulan januari taun kamari. Dina kaping eta teh pertama kalina baraya DFRB nu aya di Jakarta kumpul. Janten ieu mah Tepang Taun DFRB versi kami-kami weh, teu resmi.

Tah 5 Feb 2009 kamari teh tepung taun nu kahiji. Tapi kamari teh seueur gegeden nu teu dongkap :D
Teh Evi nu nuju miting, nembe beres langkung ti tabuh 8 wengi.
Kang Cantel ge teu aya.
Pa Ustad Dede nu ngasms teu tiasa dongkap.
Teh Eci nu tos ngalih ka Bali :bigcry:
Tapi salut ka Neng Bitah, nu nembe uwih ti Medan, langsung ka Plangi demi DFRB, hanjakal tah bolu meranti teu katuang hahaha...

Duuuh meni resep pisan papendak sareng sadayana baraya teh. DFRB teh salah sahiji sabab kunaon abdi teu tiasa eureun tina dunia maya hiks…hiks…hiks…

Menjelang GATHERING AKBAR di Ciwidey, 14 - 15 Februari 2009.

Tapi dina gathering engke aya sababaraha urang gegeden oge teu tiasa ngiring tah hiks...hiks...hiks..
Teh Evi moal tiasa ngiringan kusabab nuju bobot.
Kang Cantel oge da si cikal masih teu damang, mudah-mudahan si Cikal enggal damang nya Kang.
Mang Mayor nu nuju tugas di Thailand.

See you di Ciwidey lah kasadayana nu tiasa dongkap.

nyekelan mug, hadiah ti Mang Acil, padahal eta kanggo souvenir gathering engke :D (tong salirik nya :D)

Foto-foto bareng basa tepang taun nu kahiji, 5 Feb 2009

Ieu mah basa foto di resepsi nikahan raina Teh Eci di Balai Sudirman, beuu meni ngaranggo jilbab beureum, siga nu badami, padahal mah henteu. Tapi kami-kami emang kompak :D (11 Jan 2009)

Note : Ternyata hese oge nulis ku Basa Sunda teh, tapi dicobian weh ah. Punten ah kanu teu ngartos :D

as posted here.



18 comments:

  1. "maaf layanan google translate anda tidak berfungsi" sugan teh nyarios bahasa naon sihordeng bahasa sunda geuning..aduh tiasaan nyarios sunda na, meuni reumay ci mata maca na oge, niti wanci ningang mangsa amit undur amit undur paturay patepang deui..pileuleuyan..permiozz

    ReplyDelete
  2. mbak, saya keturunan sunda juga tapi udah lama netep di medan jadi nya nggak ngerti bahasa sunda sama sekali. hihiihi nggak papa ya mbak yang penting udah belajar baca bahasa sunda di postingannya mbak

    ReplyDelete
  3. beuuuuuh eta c Lies poto abi ndut kitu meni dipajang *nyumput*
    btw enya uyt DFRB teh menjebak dan menjerat xixixixi.... can jadi urang sunda mun can gabung DFRB nyak Lies nyak heheheh....

    ReplyDelete
  4. @Abi: euuuhhh...ningan urang Sunda oge, sae oge tah basa Sunda-na.

    @Dwina: ternyata banyak juga ya Blogger Sunda :D

    @Teh Eci: wakakak...da atuh teu aya poto Teh Eci, janten weh dipasang nu eta. Iiih abi ge kaciri ndut didinya :D. Ah teu nanaon teh, nu penting mah geulis xixixi...
    Satuju teh, urang Sunda kedah gabung di DFRB, kalah promosi DFRB jadina yeuh :D

    ReplyDelete
  5. sugan duduluran urang tiasa majeung saterasna nyak...............

    ReplyDelete
  6. Lam kenal....wah maaf aku ngga donk nich bahasanya sunda ya?

    ReplyDelete
  7. @ Kang Dida: muhun Kang, mudah-mudahan tiasa saterasna :)

    @ Guswal: cuma ini aja kok postingan yang pake bahasa Sunda :D

    ReplyDelete
  8. bahasanya sunda ya..jadi pengen belajar

    ReplyDelete
  9. @ kang Dida : *terharu* huks.. huks...

    ReplyDelete
  10. Seru yah..sayang gak bisa ikut..always looking forward to this one..

    grupis paling kompak lah, mugi duduluran ieu di extend sampai akherat amiiin...

    ReplyDelete
  11. meni nami sayah teu kapelem euy,,Keun deuh da sayah mah teu katingal tp aya di mana2 huehuehu :Jged:

    ReplyDelete
  12. @Agus3anto: hehehe...silakan aja kalo mo belajar bahasa Sunda :D
    @Teh Eci: enya si kang Dida membuat terharu hiks...hiks...hiks...
    @mocha_chi: muuf ya Mbak kalo gak ngerti :(
    @Kang Cantel: Muhun Kang, grupis paling kompak, hanjakal Kang Cantel moal tiasa dongkap ka Ciwidey.
    @Kang ican (FIM): heuu...punten Kang, sok atuhlah diantos di Ciwidey, engke pasti namina kasebat geura :)

    ReplyDelete
  13. duh kayungyun nya.. tiasaan sundana.. Pasamoan wae yeuh..

    salam ah
    pongpet

    ReplyDelete
  14. ieu teh perkumpulan naon teh??
    meni rame sigana teh..

    ReplyDelete
  15. Duh mani resep anu ngaruumpul teh.
    Echi tos ngalih ka Bali?

    Hayooo naha teu tiasa eureun tina dunia maya? Ka asyikan nya'

    ReplyDelete
  16. @Pongpet: hatur nuhun tos sumping kadieu :)

    @Kang Eje: hehehe...ti forum kang :D

    @Kang Erik: sumuhun, teh eci tos ngalih ka Bali hiks...hiks...hiks...

    ReplyDelete
  17. bitah ge lieees menu nduuut hiks.. hiks..

    * Pengumuman kanggo nu ningal poto bitah : bitah tidak sa ndut seperti yg terlihat di poto ;))

    Bitah di medan ngan 3 jam lies.. heuheu.. gaya paaan.. namina ge bos AGEUNG xixixi...
    boluna seep ku kang dida, dyah sareng tresna lies.. atuh da meni hararese bade murak di plangi teh...

    kanggo baraya dfrb sadayana AY LAP YU OL
    if you ask me 'when you feel so happy?' certainly I'll answer 'when I'm with you all guys..'

    ReplyDelete

Please, leave your comment here. Don't forget to put your name ... Anonymous is not recommended. Thanks :)